Sunday, August 26, 2007

Basa Sunda yeuh

Kongkorongok hayam melung
Ngalilirkeun pangimpian
Hate tambih kaduhung
Abdi lilir, ceurik balilihan

Kapungkur mah, anjeunna panutan abdi
Ayeuna mah parantos direbut deungeun
Malihan mah tos paheut rek direndengkeun
Pileuleuyan, aduh engkang, pileuleuyan
.

Ieu teh lagu ti jaman lawas, ti kawit abdi masih alit pisan. Duka kunaon tara hilap dugi ka ayeuna. Muhun sim kuring mah ti tatar sunda, pasundan panginten kasebatna. Ti borojol tina patuangan pun biang dugi ka lulusna paguron luhur teh aya di Bandung. Tos kitu aya we kana opat taunna gaduh damel di bogor sareng sukabumi. Eta lagu nu di luhur dugi ka apalna, panginten kulantaran ampir unggal dinten dipasang ku pun bapa, dugi ka ageung ge teras wae aya na emutan. Duh, ku endah eta lagu, lagu patah hati, tapi teu sapertos lagu2 jaman ayeuna nu pikasebeleun, sapertos laguna neng Desi ”Tenda Biru”.

Kunaon nya aya kuhoyong nyerat blog dina basa sunda. Emutan teh bakalan lucu we. Sanaos sok rada pabaliut, kumargi tos lami langka nyarios na basa sunda teh. Maklum lah padamelan teh langkung seueur di luar p jawa. Saleresna mah sering tepang sareng urang sunda, mung belegugna teh arang langka nyarios na basa sunda, sok basa Indonesia we. Eta ge aya rerencangan nu tos lami sakola di bandung, sok ngajakan nyarios basa sunda. Tapi yey, sok ararateul cepil lah da maranehanana mah teu terang kana undak usuk basa. Nya kuring ge teu patos sae nerapkeunana, tapi pami ngupingkeun basa anu kasar mah sok teu tegel we. Tungtungna mah diajakan we nyarios na basa indonesia atanapi basa-basa sejen.

Aya oge jinis lain, urang sunda nu ngangken teu tiasa deui nyarios sunda. Nu kieu tah nu pikaresepeun... maksadna pikaresepen peureup, hag siah, sok masihan yeuh hiji peureupna. Naha maranehna teh teu ”bangga” – ieu mah bangga basa indonesia nya, sanes basa sunda – kituh janten urang sunda? Padahal pami pendak sareng sambel tarasi, peuteuy jengkol mah aya ku segut... hihihi, na janten nyarioskeun batur nya? Tos ah sakieu heula. Sugan jeung sugan gaduh ilham deui kangge nulis blog na basa sunda... sampurasun.

Tembang sejen

Hayu batur, hayu batur
Urang kumpul sarerea
Hayu batur, hayu batur
Urang sosonoan heula
Pileuleuyan, pileuleuyan,
Sapu nyere pegat simpai
Pileuleuyan, pileuleuyan
Paturay patepang deui
Amit mundur, amit mundur
Amit ka jalma nu rea
Amit mundur, amit mundur
Da kuring arek ngumbara

Panutupan

(Seja nyaba ngalalana, ngitung lembur ngajajah milangan kori, henteu puguh nu dijugjug, balikan paman sadaya, na kunaon tiluan semu rarusuh, lurah begal ngawalonan, aing ngaran Jayapati)

1 comment:

perasaan said...

Punten bade tumaros, lagu sunda jadul patah hate eta teh naon judulna?.hese geuning bade ngdownload bari teu terang judulnamah. nyobian di searching ku ngetik syairna malah muncul blog ieu. manawi masih emut naon judulna. hatur nuhun sateuacana..